SILANG SIGEU
Ku : Mamat Sasmita
2003
Poe Minggu ngajak ulin budak ka toko buku, dumeh budak teh ti kamari
ngaeh bae hayang buku catetan nu leutik nu kelirna kayas, teuing keur
naon, da ditanya teh ukur nyebut keur catetan, atuh ku kuring diayunkeun
kahayangna sakalian kuring ge rek neangan buku sejena.
Budak teh jigrah pisan, atuh basa di toko buku budak teh taralang
tereleng kaditu kadieu kuring we nu rada kawalahan kudu nutur-nutur
jeung mukaan buku bukuna anu ditunjuk, geuning behna mah lain ngan
sakadar neangan buku catetan , tapi kalah neangan buku buku bacaan
sejena, padahal mah macana ge can pati lancar.
Keur anteng ningalian buku buku, digigireun aya nu ngajanteng, awewe
tengah tuwuh, ceuk rarasaan eta awewe teh ret deui ret deui ka palebah
kuring, teuing ngahaja ningali ka kuring teuing ngan ukur rarasaan
wungkul.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak…” Silang…?!”
Sajongjongan kuring ukur ngabigeu, bari panon mah mureleng ka eta awewe nu nepak kana taktak.
Dina hate nginget nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring nembalan ..” Sigeu…?”.
Manehna seuri terus ngasongkeun leungeun,…kuring kumejot dina hate mah
hayang ngagabrug manehna, tapi asa teu werat lamun kudu kitu teh, atuh
kapan manehna teh awewe jeung apan aya ditempat anu rame, jeung ongkoh
deuih aya budak nu keur colohok ningali ka kuring.
Enya disebut tengah tuwuh teh asa merenah pisan, buukna geus culcel
huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awewe saumurna mah, geura
we buuk sok sanajan geus culcel huis tapi ari modena mah kaayeunakeun,
enya ari make cindung mah tapi da ieu mah lain jilbab, ngan saukur
disampaykeun, malah mimindengna mah eta cindungna teh nyampay we dina
taktak, bajuna gombrang, make pantalon, kewes asa ningali dangdanan
Indira Gandhi.
Sasalaman teh rada lila jeung terus silih keukeuweuk, …”Keur naon
didieu…?” ceuk manehna, kuring seuri bari ngajawab..” Nya neangan buku
atuh ma enya neangan emih kocok didieu…”, manehna nyeuleukeuteuk, enya
can poho kuring ge kabeukina kana emih kocok.
“Jeung saha..?!”..ceuk manehna deui.
“Jeung budak….!”
“Incu ieu teh….?”
Kuring teu pati ngawaro kana pananyana, kalah hayoh nitah budak supaya nyolongkrong munjungan “…Tuh salim heula ka Ua..”
“Nu bungsu ieu teh,…boga sabaraha budak teh,..mana indungna..!”
“Indungna mah di imah we, da tadi diajak teh mugen, majarkeun loba seuseuheun..!”
Kuring jeung manehna uplek ngobrol bari nutur nutur bujur budak milihan buku.
Beres babayar, kuring, budak jeung manehna, kaluar ti toko buku, enyaan
manehna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.
“ Can robah kabeuki teh..!?” ceuk kuring..
Manehna ukur mesem.
Kuring rarat reret ningalian kana balanjaan manehna…”Meuli buku naon tadi..?”
“Teu meuli buku uing mah, meuli ieu we cet minyak…!”
“Euh…geuning jadi pelukis..?”
Manehna seuri ngaheuheu, “Lain,…ieu mah pesenan incu..!”
Resep ningali manehna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna atuh teu kaliwat seuhahna.
“Na geus boga sabaraha incu teh..?”
“Geus gede,…geus di SMP, lain ari ieu budak teh nu bungsu..?”
“Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji..!”
“Geuning ku irit..!?”
“Lain irit,….da nyieun mah geus ti bareto mula, ngan jadina nya kakara
ieu.,…Geu,…kuring kawin teh meh geus dua puluh tilu taun, kosongna meh
tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan..!”
“Mintul meureun..!”
“Ah duka teuing, sakieu ge Alhamdulillah geus dipercaya boga budak..!”
Ari budak nu diomongkeun mah anteng we ngahenggoy emih kocok.
“Geu…ari didinya boga budak sabaraha…?”
“Wah budak mah loba ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu…!”
“Geuning….na aya budak nu teu bener…!”
“Lain budak teu bener maksud teh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola….!”
“Euhh…mulya kacida atuh…!”
Rada lila paheneng heneng. Kuring ngahenggoy emih kocok, sakali sakali
mangnyusutkeun leungeun budak ku kertas tisu, da leungeuna baseuh, atuh
manehna ge tonggoy kana mangkok emih kocok.
“Lang ari eta buuk teh disemir, asa angger bae siga kitu…?!”
“Alhamdulillah henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk…!”
“Eta we asa angger keneh siga baheula, da kuring ge apal teh eta pedah
ningali model buuk didinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah
tukang…!”
“Ari uing mah enyaan kalinglap Geu ka didinya teh, mun seug didinya teu
nanya tiheula, kuring mah moal apal..da eta geuning awak teh asa beuki
meber…!”
Manehna ngaheuheu seuri.
“Sakieu mah awak teh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih
beurat, awak leuwih meber, awewe mah kakolotnakeun teh beuki beunghar,
beunghar ku beurat awak…!”
Ngobrol di warung emih kocok teh teu lila, da budak noelan bae ngajak
balik, sonona mah kacida jeung manehna teh, sanggeus silih bere nomer
telepon jeung serelek (serat elektronik, email tea), terus papisah,
manehna ngangkleung kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot
we.
Peutingna mukaan email, muka email ti peuting teh aya sababaraha maksud,
kahiji, ngoprek komputer teu kaganggu ku budak, kadua sugan we atuh
bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna ge peuting euweuh
deui batur nu make, katiluna sugan we mayar telepona rada murah.
Serelek teh ngaburudul loba pisan pangpangna mah ti milis urangsunda,
eta we da bulan september 2003 nepi ka opat rebuna sabulan teh, jeung
geuning aya serelek ti panyeumpxxx@yahoo.com ke ti saha ieu da anyar teu
boga babaturan siga kitu, sanggeus dibuka geuning ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.
From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.
Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu email teh uing bari bulucun, tadi
kira kira jam dalapan peuting uing taranjang hareupeun eunteung
satangtung, buuk teu disisiran, atuh beungeut ge teu dipoles ku wedak
estu sahinasna, uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak
baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi ka tungtung kuku indung
suku ting baranyay laku lampah nu inget ti jaman keur budak nepi ka
ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida
launa, nepi ka tembres kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu
pangbadagna, kalan kalan kuring seuri, nyeungseurikeun kalakuan
sorangan, teuing seuri naon ngarana bisa jadi seuri maur.
Palebah beuteung naha jadi ngabendeleh kieu, ting berehil tapi lain
sepir, palebah pingping nu baheula luis teh ayeuna geus ledis, geus
euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa era pedah awak siga kieu.. atawa naha uing
kudu ngewa ka awak sorangan pedah ramijud, dina wujud identitas naon
atuh ari uing..?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu majarkeun uing begang majarkeun
uing gendut, naha bet nu ditempo teh ngan ukur wujudna wungkul, naha
pedah urang teh keur dikepung ku deudeuleuan dina televisi, dina koran,
majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompet ngan ukur awak,
beungeut, naha ngan eta anu pang sohehna keur hiji identitas, jeung deui
naha pedah uing awewe kalan-kalan sok aya nu ngan ukur ngadeukeutan
pedah uing awewe, ngan ukur dijadikeun objek.
Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur
meujeuhna ngora (lain, lain kuring haying ngora saumur-umur), keur jaman
loba nu ngudag ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna
jendral. Uing wenang milih, nu jago karate awakna lempay ngalampanyat,
atletis, ngeusi, nu pendek beke tapi mobilna dua weuteuh, nu kakara
lulus kuliah, nu boga hotel, nu boga villa di Puncak.
Teuing kunaon maranehna ngudag ngudag, da uing tara tatanya, da sigana
lamun bareng indit jeung uing, maranehna siga nu kacida bagjana, siga nu
ngagondeng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota
kabupaten mah, si Non nu boga Mercy dina taun harita, awewe geulis ngora
keneh sukses usaha.
Ningali awak dina eunteung, nahanya make jorojoy hayang difoto, difoto
keur bulucun, hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora, ngan
hanjakal teu boga foto jaman keur budak bari bulucun aya ge foto keur
umur tilu taun teu make baju, asana mah karek anggeus mandi difoto ku
Bapa Almarhum, eta ge bari gegerewekan da embung mandi, dipaksa ku
Mamah, ari ku Bapa kalah hayeuh dioconan, kitu dongeng Mamah, da ari
kuring mah tong boro inget, ningali fotona ge teu beda we jeung ningali
foto sejena jaman keur leutik.
Kulit beuteung ieu, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki,
waktu kuring ngojay di Hotel tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung ieu
nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung ieu kungsi….salingkuh.
Lang….ilaing nyaho teu, waktu uing nelepon ka ilaing, supaya ilaing
datang ka Hotel, basa urang rek papisah tea, naon pangna uing ngajak
papanggih di Hotel..di kamar 26, enya inget keneh da ngahaja neangan
kamar nomer 26 teh ambih sarua jeung umur uing harita, sabenerna lain
kamarna aya puluhan, tapi di lantai 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam…”Assalamualaikum..!”, uing
harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto,
uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara
ngucapkeun salam siga kitu, harita uing ngan ukur mukakeun panto.
Terus ilaing culang cileung neangan korsi keur diuk, nu terusna mah
ilaing diuk dina kasur, enya kapan kamar hotel teh leutik, aya eta ge
korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku
buku carita silat Cina.
Malah harita ge uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah,
geuning ilaing nyerengeh bari ngomong…”Kahade buku eta mah eusina
porno…”
Uing teu nembalan harita teh, da enya buku teh porno pas keur dibaca teh
anu kituna pisan, puguh we rada era, terus buku teh dialungkeun, asana
uing terus nyician cai herang kana gelas disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol teh pan meh nepi ka jam dua welas peuting, ilaing terus
amitan balik, sabenerna mah ku uing teh rek diajak mondok, rek diajak
sare sagebrug
Teuing kunaon, uing ge da teu nyaho, ujug ujug jorojoy we aya niat kitu,
teuing pedah uing geus lila rarandaan, dina hate uing teh rek mere
kenangan ka ilaing atawa….teuing ah uing ge teu ngarti.
Tapi niat kitu teh teu werat diomongkeun, da ilaing hayeuh we ngajak
ngobrol soal sajak-sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing
dibacakeun waktu siaran, ari rek make tingkah provokatif hate teh asa
teu merean, malah dina hate ngagerentes yen ilaing teh lalaki nu teu
surti kahayang awwewe.
Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan, maca buku jadi teu
nafsu, harita uing ceurik…henteu ari ceurik gagauran mah ngan ukur
rambay cimata, ceurik pedah kunaon uing ge teu nyaho, ngan dina hate asa
aya nu ngagerihan
Serelek ti Sigeu panjang ngagebay, ka beh handapna eusina loba
ngadadarkeun pangalaman dirina, dina panungtungan serelekna manehna
nulis :
Uing teh ayeuna geus loba incu, ti anu bungsu kakara borojol minggu
kamari, awewe, lucu geulis. orok beureum keneh roroesan jeung ceurik,
uing ge tangtu kitu, kungsi jadi orok beureum.
Lang…sabebenrna mah kabeh anak jeung incu ge eta anak tere, jeung incu
tere, da uing mah teu kungsi boga budak, eta teh kabeh ge anak Si
Jendral almarhum, ngan pedah ku uing kabeh budakna diurus, lantaran
indungna meunang musibah waktu ngalahirkeun anu bungsu.
Geus ah urang geus tunduh rek sare heula, …sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.
Kasubuhnakeun kuring nulis email jawaban keur Sigeu :
To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.
Geu….geus dikonci pantona..?
Alusna mah samemeh bulucun teh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya
ucing jalu asup kapan matak wegah akibatna, ucing jalu tea atuh sok
kumahkar…eh nu kumahkar mah hayam rek ngendognya…., ucing jalu mah bisi
ngarontok, nyakar, kapan aya sayang beurit lin...?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun “awak teh panjara” teuing
panjara naon, aya oge anu nyebut awak teh mesin hasrat jeung aya oge nu
nyebut diri……bae lah uing mah moal pipilueun ah kana palebah awak mah,
da uing ge ayeuna kieu buktina, teuing boga awak teh naha goreng naha
alus, nu leuwih penting mah asal sehat, kapan ceuk paribasa ge banda
tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu….nyaho teu…(nurutan didinya..), samemeh nulis ieu serelek teh uing
ngambah heula dina internet, neangan gambar awewe nu umurna lima puluh
genep taun bari.…bulucun…! na ari burudul teh geuning loba pisan
nya…malah aya nu geus umurna dalapan puluh taun sagala….ambuing eta
sayang beurit dina kelekna…..geus huisan…..!
Kabina bina nya, bet aya nu daek nembongkeun awak bari bulucun dina umur
anu sakitu geus cueutna, enyaan dina internet mah sagala ge aya, abong
kena disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabebasan anu alus
saalus-alusna aya, nu goreng sagoreng-gorengna aya.
(Hampura Geu nya…uing geus nyipta nyipta awak didinya…ah teu jauh ti
model nu ieu lah…..he he…aya huisan…bari kuring nelek-nelek hiji gambar
awewe nu geus kolot nu keur bulucun..!!)
Samemeh poe kamari, kuring sakapeung sok ngawawaas jaman baheula, da anu
kaimpleng teh hih…angger we didinya teh awewe geulis, ngora, lincah
jeung pinter, implengan teh kakara robah poe kamari saprak panggih tea,
enya asa ngagebeg geuning geus kolotnya umur teh, urang teu panggih teh
aya kana tilu puluh tauna, lain waktu nu sakeudeung tah., urang teh geus
jadi aki-aki jeung nini-nini. ( Geu…ari incu nyebutna naon…Nini, Ene,
Eyang atawa Oma…ah ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda
lin..?)
Uing mah bulucun teh lamun keur mandi we, eta ge tara nelek-nelek awak
sorangan, gebrus we mandi, lantaran lamun ditelek telek sok manggih nu
matak kukurayeun (moal dijentrekeun naon nu matak kukurayeun teh bisi
disebut buntut Oa…)
Geus ah, lila lila mah bisi jadi cawokah, sarua sono Geu…!
Si Belang tea.
Ti sanggeus ngirim serelek harita, pleng teu nampa deui serelek ti manehna,
1972
Unggal malem Saptu bari lalangkarakan di tempat indekos, bari
ngareureuhkeun kacape, sok mindeng ngadengekeun radio, sok ngahaja
neangan sora penyiar awewe, nya manggih sora awewe harita teh keur maca
hiji sajak, sanggeus beres macana terus ngagalantang nyarita eusina eta
sajak, sajak nu dibawakeun teh lolobana sajak rumaja nu idek liher dina
dunya cinta.
Hiji waktu kuring ngawanikeun maneh nelepon ka penyiarna, nyaritakeun
sajak nu kungsi dibacakeun ku manehna, kuring nelepon teh lain waktu
manehna keur ngajomantara, nya nelepon kitu we atuh sakalian kuring
ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang papanggih, hayang kenalan.
Nya ti harita kuring wawawuhan jeung manehna, kuring nanya manehna,
nanya ngaran nu sabenerna, manehna teh teu ngajawab kalawan saerewelena
atuh kuring ge teu mere ngaran nu benerna, lantaran mimiti panggih teh
kuirng make kaos belang manehna ngageroan kuring Si Belang, teuing
meureun asa kurang merenah tungtungna lamun ngageroan teh nyebut Silang,
atuh kuring ge ngageroan ka manehna teh Si Geulis sok terus disebut
Sigeu.
Geulis, enya da geulis atuh manehna teh geura we awak jangkung ukur beda
tilu senti jeung kuring ge, awak ngeusi disebut begang henteu, disebut
montok henteu, donto meureun babasaanana teh, ari beuebeungeutan rada
rada siga bentang pilem , sahanya poho deui ngaranna, ngan ieu mah
beungeut Sunda, geulis Sunda.
Mun aya nu nyebut Silang ka kuring pasti manehna, kiru deui lamun nyebut Sigeu bisa dipastikeun kuring nyebut manehna.
Dina ngabasakeun teh sok teu puguh sakapeung kuring, uing, didinya,
ilaing kalan-kalan ana jeung ente, sok sanajan umur kuring leuwih ngora,
manehna teu nganggap dirina leuwih kolot anu kudu dihormat. Umur kuring
23 taun ari manehna geus nincak 26 taun.
Lila wawawuhan teh, sataun leuwih,
Papisah soteh pedah kuring kudu miang ka luar jawa, pindah dines, nya
peuting harita kuring nepungan manehna di kamar 26 di hiji hotel, keur
kenang-kenangan manehna mere pulpen, ceuk manehna “Mun nulis surat keur
uing kudu make pulpen ieu, mun teu make pulpen ieu mah uing moal
ngabales…”.
Dikangaranan pulpen, kakara ge sababaraha poe ge geus leungit, teuing
kamana, atuh kuring nulis surat ka manehna make pulpen sejen, enyaan
lebeng euweuh balesan.
2004
Kuring narima deui serelek ti manehna eusina teu panjang “….Lang uing
rek jarah, rek munggah haji, do’akeun nya,…..jeung hampura bisi aya dosa
boh nu karasa boh nu teu karasa, ari ente geus ka haji..?, mun encan
mah sok we kukumpul keur ongksona ti ayeuna,…..eh uing ge ongkosna lain
meunang kukumpul tapi pamere ti anak tere nu panggedena…”
Kuring maca serelekna teh sababaraha balikan, ….dina hate ngucap sukur
jeung ngadoakeun sangkan inyana salamet, jeung jadi hajjah anu
mabrurroh.
Teuing tah lamun geus balik ti Mekah, naha make tiung wungkul atawa
ganti jadi make jilbab, atawa naha bakal eureun buukna make semir.
Serelek ti manehna ku kuring teu dibales, angkanan teh engke we satutas
manehna munggah haji rek manggihan, rek didatangan, bari jeung rek aya
nu ditanyakeun sabab dina serelekna nyebutkeun kungsi ngandeg, tapi dina
serelek eta keneh nyebutkeun teu boga budak.
Desember 06, 2012
Carpon : SILANG SIGEU
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar